Memang, méh di unggal vergadering ka masyarakat umum, salian ti medar gagasan “Indonesia Merdeka 100%” nu digagas ku Tan Malaka, SR Priangan ogé loba medar gerakan Swa-raj nu dipupuhuan ku Mahatma Gandhi di India dina enggoning ngaleupaskeun diri tina kakawasaan Inggris. Sigana, pikeun SR Priangan mah gerakan Swaraj leuwih merenah tinimbang revolusi Bolsewik di Rusia [Sigana éta gé ang, hehehe kudu ditalungtik leuwih gemet deui]. Tapi, sayaktina mah gerakan SR téh sarua jeung gerakan organisasi kebangsaan kawas PI, SI, Paguyuban Pasundan, jeung nu séjénna, ngan SR mah mibanda karakter anu heuras, non kooperatif tur anggotana militant, da lolobana buarudak ngora. SR mah tandes, yén nu ngokolakeun nagara Indonesia mah nyaéta bangsa urang sorangan teu meunang aya campur ti bangsa deungeun. Kayakinana pageuh, éta we basa dibéré jatah korsi di Volksraad, SR mah narah. Keukeuh embung!
Ieu sikep SR téh pikeun pamarentah HB mah tangtu waé matak hareudang. Pamustunganana, pamarentah HB ngetrukeun telik sandi ti PID [Politieke Inlichtingen Diest atawa Algemeene Recherche Dienst]. Kitu ogé tingkah polah Kaih nu sapopoena ukur kasab jadi mandor panyawah teu lepas tina pangreungeu agen-agen PID, kulantaran inyana pisan nu jadi pupuhu Sarekat Rakyat cabang Sumedang, tur dianggap ekstrimis ku pamarentah HB.
Sabada “soemedang zak” di Bioschoop Pasifik, Ka’ih atawa Ujang Ka’ih dibuang ka Digoel. Demi putusan pangbuanganana, lain sakadar nu dikauluarkeun ku voorzitter landraad; kapala pangadilan, tapi leuwih luhur ti eta. Besluit buanganana dikaluarkeun ku Procurer Generaal; Jaksa Agung nu diteken ku Gubernur Jendral dina taun 1927.
Kaih Soekanadria sakumaha kaunggel dina catetan H. Dardiri Ramidjo, salahsaurang Digoelis, disebutkeun harita Kaih katut Goenawan Mangunkoesoemo [Digoelis ti Bandung] jeung baturna nu lian kabur, buron ti Digoel. Basa kakaburan ngasruk ka tengah leuweung Papua Kidul nu geledegan tur remet, Kaih maot ku tumbak suku Kaya-kaya, salahahiji suku di Papua anu cenah mah kanibal, wallahu’alam.
Cag…