Sawates catetan Mang Aep diropea tina Buku Mang Aep keneh: Jalan Pembuangan; Dari Soemedang ke Boven Digoel
Mangsa bumén-bumén kénéh di Sumedang, sok pirajeunan nataan ngaran-ngaran jalan. Éta oge mun bari indit tur balik sakola kétah. Ti dituna mah, ngarah teu bolonyon teuing mun aya nu nanyakeun sakalieun ngaran jalan-jalan waé mah. Masih kénéh manteng dina ingetan, aya jalan Radé Suyud, Gending, Suriaatmaja, Ragadiem, Tegalkalong, Mayor Abdurahman, jrrd.
Éta ngaran jalan téh aya anu nyoko kana hal-hal anu bisa kasebut “luarbiasa” kawas Radén Suyud, Suriaatmadja, Mayor Abdurahman nu diraketkeun ku alatan katokohanana tur boga ajén anu gedé. Aya oge ngaran jalan nu nyoko kana patempatan atawa kampung, kawas Ragadiem, Rancapurut, Ketib, Managga, jlsté.
Baheula, upama baé urang badarat di jalan Tegalkalong ti tebéh Taman Endog tug Tegalkalong, satukangeun Bioskop Pacific, aya hiji jalan anu nyiku. Harita, duka dugi ka taun sabaraha, éta jalan téh dina plangna menjeblag ngarana Jalan Jang Ka’ih. –Ayeuna mah ngarana jadi Jalan Talun. Harita, ceuk sajorélatan pikir, éta “Jang Ka’ih” téh sigana tokoh nu midanda ajén gedé oge pikeun Sumedang atawa leutikna keur region Talun. Ku rasa panasaran, —saha sih ari Jang Ka’ih téh? kuring kungsi tatanya ti mimiti ka kolot sorangan nepi ka kokolot nu aya di sabudeureun éta jalan. Tapi weléh teu aya waleran anu nyugemankeun. Nu aya ukur waleran anu ngabalukarkeun kapanasaran anu leuwih. Kieu éta waleran téh, “Ulah waka ayeuna jang, nyahona. Ké waé mun geus waktuna.” Aya oge nu ngajawab kieu, “Tugas didinya Jang maluruhna. Sok paluruh keur kami mah cukup yén Kaih téh hirupna dina jaman Pangéran Suriaatmadja.”
“Haaar… karah, abong kolot… embung wé diseleksek téh hehehe…”
Sekitar tahun 2008, basa nalusur kaayaan Sumedang Pasca “Gerakan Nyi Atjiah”. Lebeng pisan geuning! Mangsa “Jaman Bergerak” di awal abad ke-20, Sumedang juga disebut “daerah aman”. Memang, samapanjang kapamingpinan Pangéran Soegih (1836 – 1882) dugi ka putrana Pangéran Soeraiaatmadja (1882 – 1919), aranjeuna nerapkeun aturan yén di Sumedang teu meunang aya organisasi pulitik. Ku kituna samapanjang taun-taun harita mah Sumedang téh adem ayem nggelenggem , tur siga nu tilem tina raraméan zaman pergerakan kebangsaan .