Bupati Parakanmuncang Raden Adipati Soeria Nata Koesoema II, ti Pamarentah nampi sesendu pohara pisan nepi ka tina Regen Parakanmuncang dicopot terus dikendangkeun ka Batawi, linggih di kampung Krukut dugi ka wapatna, nu matak nelahna kiwari “Dalem Krukut”. Ari Kabupaten Parakanmuncang ditarik dihijikeun jeung Sumedang, di bawah ku Bupati Sumedang Raden Adipati Soerianagara, ngan heunteu diburak bae, tetep jadi Kabupaten, malah ku bisluit tangggal 16 April 1809, Patih Parakanmuncang Raden Poeranagara (Demang Dongkol = Dongkol nyaeta jabatan), putra Dalem Patuakan, nya dahuan Bupati Sumedang Raden Adipati Soerianagara, diangkat kana Bupati Parakanmuncang, gentos jenengan Raden Tumenggung Wira Tanoe Redja.
Bupati Purwakarta

Aep Ahmad Senjaya
editor - penulis